==Belajar Blog== ==Salam Sukses==

Gunem Catur Facebooker’s

Ibu-ibu Facebooker keur paagul agul postingan , jeng ngajempolan status batur;

Ibu I: Aceuk kana akun abdi mah nu ngirim pesen via inbox teh aya ratusna

Ibu II: Eh ari si nyai da lain ngalelewe aceuk ge, komo basa aceuk ultah, nu ngawilujengkeun kana dinding akun aceuk kuwat nepi ka rabul, tepi ka ramo teh asa sasanggaleun balas ngajempolan.

Ari nyi Onah ngan bati ngahuleng we, da euweuh agulkeuneun manehna mah meureun, tapi tungtung na mah teu eleh geleng milu cacarita manehnage,ari aceuk jeung ibi puguh akun abdi mah rek dikontrakkeun tapi teu payu-payu.

Ibu I & II: meh bareng siga rek rampak sekar ..... Naha ku naon nyi onah?

Onah: aceuk , ibi, eta arembungeun teh meureun da di jerona ngabugbrug carita bohong wungkul!

Ibu I: Oh kitu nyi Onah paingan atuh , da ibi ge lamun teu wadul sapoe teh asa arateul biwir.

Ibu II: Ih akur atuh lamun kitu mah,hayu atuh urang budayakeun

Nyi Onah: Budayakeun naon aceuk, ibi ! ngawadul....ih palias teuing baraid cing jarauh kasabrang ka palembang ari balik mawa kurupuk....beu...ambuing -ambuing

0 komentar:

Posting Komentar