==Belajar Blog== ==Salam Sukses==

Hayang Lugina Gawe

Hiji waktu jang Madun pelesiran ka dayeuh,bejana di dayeuh mah loba anu araneh, ret kana spanduk iklan unina kieu; " komputer model anyar spec moal nguciwakeun bisa ngabantu ngurangan saparo pagawean balarea plus 100% garansi" jang Madun ngecewis jero hatena , tah ieu anu diteangan teh teu kudu hese gening, lamun hiji komputer saparo pagaweoan ngurangan, lamun 2 teh cukup meureun geus teu kudu gawe,kuring tinggal sila ipis bari udud padudan enya ah meuli, kumaha engke we ah hargana mah ?, nu penting mah senang teu kudu gawe , ....kiri pa supir bari ngorejat jrut turun terus ngasongkeun ongkos. euleuh euleuh...dasar teu arapaleun urang kota mah, teu naringali kana iklan kitu...?keur naon sing saleleber digarawe kacape-cape, cenah hayang senang... padahal kari meuli komputer dua siki pagawean kabeh beres....selamat tinggal pekerjaan....aku ....bebaaaas

0 komentar:

Posting Komentar