==Belajar Blog== ==Salam Sukses==

Carpon Harta Wasiat

Dina mangsa ngariung di imah jang Kusmin keur acara salametan celengkeung we mang Ohle biantara cacarita kieu pokna ;

mang Ohle : jang Kusmin akang teh hampura,sieun beurat mamawa dosa!

jang Kusmin : aya naon kitu kang?

mang Ohle : harita basa kolot anjeun aya keneh, aya wasiat ka akang, ngan ku akang teh disidem we di beuweung diutahkeun da sieun jadi matak kakulawarga.

jang Kusmin: ih ari akang, mangga we uningakeun abdi mah bangblas kang, moal aya geuneuk maleukmeuk, bilih aya sametan,kalepatan mugia panglubarna ti sadayana .

mang Ohle : enya ieu teh jang Kusmin moal jadi matak?

jang Kusmin : leres kang bingah we nu aya supados teu aya ka aabot kanu ngantunkeun sareng nu dikantuna.

mang Ohle : tah ari kitu mah reugreug ka akangna,..harita teh akang keur nalkin jeung maca yasin waktu kolot anjeun geus deukeut kana ajalna, ngaharewos ka akang omat pang nepikeun ka kulawarga kuring, kuring teh boga harta anu teu dibuka-buka,mangrupa tanah darat ari legana mah duka 200 atawa 300 bata omat eta mah husus pikeun jang Kusmin, ngan aya saratna.

jang Kusmin : naon kang sarat na teh ?

mang Ohle : eta tanah teu meunang digadekeun angot dijual mah di pahing pisan. kakara ge carita mang Ohle nepi kadinya jang Kusmin ngarenjag, ngorejat diukna robah madep manco ka mang Ohle.

jang Kusmin : dimana kang?, naha abah teu pisan muka ngabejer beaskeun ka abdi.

mang Ohle : nu matak teunang heula, tong gurung gusuh pan tadi jang kusmin geus balaka, moal ngijing sila bengkok sembah, moal luntur ku kaibunan moal gedag ku kaanginan,eum ah ulah nyalahkeun kanu geus tilar dunya .

jang kusmin : oh muhun, hapunten kang abdi, rumaos bakating ku reuwas.

mang Ohle : enya akang ge ma'lum, bisi aya balukarna di ahir isuk ning geto akang rek nanya sakali deui , enya ieu teh moal jadi bancang pakewuh ka kulawarga khususnya jang kusmin?

jang kusmin : insya Alloh kang sing percanten kana kaimanan abdi, kalayan disaksian ku anu ngariung di dieu.

mang Ohle : heug atuh ku akang rek diteruskeun deui.Tanah eta teh ceuk bapa anjeun mah geus dibebaskeun teu kudu dipajegan deui, ayana di puseur dayeuh kacamatan,make ciri wates ku beusi gede ditancebkeun sisi sisina, bisi jaganing geto pahili wates, anu leuwih ecesna mah ciciren na teh sok dipake alurin barudak, tampolana sok di pake maraen bola, tah ciri beusi tadi nu sok diparake gulna teh, tah sakitu wasiatna teh akang hampang jeung bangblas ayeuna mah , bisi ujang rek nalungtik pek we kuma ujang ,akang mah geus ngalubarkeun sangkan teu jadi bangbaluh,...oge akang mah rek terus pamit da aya kaperluan sejen seja pamit kasadayana, assalamualaikum ...jrut mang ohle turun. nu ngariung simpe ngaraga meneng, saterusna sing kalecrek cruk crek,bagja anjeun mah jang kusmin boga kolot teh,tapi ke...ke ceuk kang Juman moal kitu ciri-ciri na kitu mah, alun-alun nu sok dipake maen bola, dialokan ku kang emod enya akur pisan cirina mah.tungtungna anu ngariung ager-ageran saleuseurian, ari jang kusmin reup geuneuk ray pias ambek kapegung bari noroweco, Jang Kusmin : kasebelan awas siah ohle heureuy teh kamalinaan, papanggih di pepeg ku tai onta siah, sarerea ngehkey saleuseurian bari nyararita, iraha boa atuh jang Kusmin tai onta mah kudu nyokot heula ka arab ,.... jang kusmin...jang kusmin,ari jang kusmin ngan saukur seuri koneng....

0 komentar:

Posting Komentar